Kamis, 20 September 2012
Selasa, 11 September 2012
CERITA RAKYAT NUSANTARA
Wasta : Siti Sopiah
NPM : 180210110017
Tanggal tugas : 12 September 2012
Semangka Emas
Kalimantan Barat, Indonesia
Kacaritakeun jaman baheula, di Sambas,
Kalimantan Barat, aya sudagar anu kaya pisan. Éta sudagar téh ngabogaan dua
budak lalaki. Anak nu cikal ngaranna Muzakir, tuluy anu bungsu ngaranna
Dermawan. Éta dua budak lalaki téh ngabogaan sipat jeung kalakuan anu bararéda.
Ari si Muzakir mah sipatna téh sarakah jeung korét. Unggal poé gawéna ngan
ngumpul-ngumpulkeun duit. Tapi manéhna can pernah méré sodakoh ka jalma miskin.
Béda ti lanceukna, si Derwaman mah
sipatna téh paduli pisan jeung sok méré sodakoh ka jalma miskin. Manéhna teu sarakah
ku banda jeung duit.
Saméméh
maot, éta sudagar téh ngabagi rata hartana ka kadua budakna. Maksudna mah
sangkan kadua budakna teu ngaralawan jeung pasirik-sirik, pangpangna mah lamun
manéhna geus maot. Sanggeus harta éta dibagikeun, éta kadua budakna téh hirup
misah di imahna masing-masing. Kadua budakna cicing di imah anu méwah.
Duit bagéan
si Muzakir diabuskeun kana peti, tuluy éta peti dikonci. Lamun aya jalma miskin
datang ka imahna, manéhna lain méré sodakoh, tapi malah diléléwé ku manéhna.
Malahan manéhna tara asa-asa ngusir lamun éta jalma miskin teu daék balik ti
imah si Muzakir. Dina hiji poé, aya hiji nini
maké pakéan butut leumpang ka imahna si Muzakir. Dihareupeun imah si
Muzakir, éta nini téh ménta sangkan dipikarunya ku si Muzakir. Pokna éta si
nini ngomong kieu, “Jang, cik atuh pikarunya nini. Béré nini sodakoh!”. Ngadéngé
si nini ngomong kitu, si Muzakir kaluar ti imahna jeung kalah nyeungseurikeun
éta si nini, “Ha ha ha...., hey nini péot, gera balik ti imah kuring! Kuring
geuleuh ningali éta beungeut anu péot!”. Sanajan dicarékan, éta si nini téh teu daék waé balik, malah
terus ménta-ménta ka si Muzakir , pokna si nini “Tapi Ujang, nini geus dua poé
can dahar, cik atuh pikarunya nini”. Ningali si nini teu daék waé balik, tuluy
si Muzakir nitah bujangna sangkan ngusir éta si nini. Tungtungna mah éta si
nini téh balik bari teu ngahasilkeun nanaon, nu aya mah kalah meunang hinaan ti
si Muzakir..
Jalma-jalma
miskin anu geus nyahoeun sipatna si Muzakir anu korét, kaasup si nini nu tadi
embungeun deui datang ka imah si Muzakir. Maranéhna abring-abringan datang ka
imah si Dermawan. Béda jeung si Muzakir, si
Dermawan sok nyambut éta jalma-jalma miskin ku kabungah haté jeung sipat
nu soméah. Maranéhna dibéré dahar jeung dibéré duit ku si Dermawan. Hampir
unggal poé éta si jalma-jalma miskin téh datang ka imah Dermawan. Lila-lila
harta si Dermawan téh béak. Manéhna geus teu sanggup nutupan waragad pikeun
ngurus imahna nu gedé. Tungtungna manéhna pindah ka imahna nu leutik. Gajihna
teu sabaraha, ngan cukup keur saukur dahar hungkul. Sanajan kitu, manéhna tetep
sukuran kana kaayaan hirupna.
Muzakir
seuri ngadéngé béja adina anu dianggap bodo ku manéhna, pokna si Muzakir kieu,
“ éta tuda akibatna sok ngalayanan jalma-jalma miskin, pasti manéhna ngilu
miskin, dasar tuda bodo si Dermawan mah”. Si Muzakir ngarasa atoh sabab manéhna
bisa meuli imah nu alus jeung kebon kalapa nu lega. Tapi si Dermawan teu maliré
kana kalakuan lanceukna.
Dina hiji
poé si Dermawan keur diuk di hareupeun imahna minangka ngaleungitkeun kacape.
Teu kungsi lila, ujug-ujug murag manuk piit dihareupeunna. Manuk éta ting disada kanyeurian, ”karunya”, pokna si
Dermawan. “ jangjang manéh potong, nya?, si Dermawan ngomong jeung manuk piit.
Tuluy éta manuk téh ditéwak ku si Dermawan. Sanggeus ditéwak éta manuk téh
tuluy diubaran ku manéhna. Jangjang manuk téh dibungkus lalaunan. Si Dermawan
nyokot béas. Manuk piit téh tuluy dibéré dahar ku si Dermawan. Lila-lila mah
éta manuk téh jadi bageur, geus teu sieuneun ka si Dermawan. Nincak sabaraha
poé, éta manuk téh geus bisa mébérkeun jangjangna, tungtungna mah geus bisa
hiber deui.
Kaisukanana
manuk téh ngadatangan deui si Dermawan. Dina pamatukna téh aya sahiji siki, anu
ditunda dihareupeun si Dermawan. Si Dermawan kalah seuri ningalina. Éta siki
téh siki biasa. Tapi sanajan éta siki téh biasa, si Dermawan atoh narima
paméréan ti éta manuk. Éta siki téh dipelak ditukangeun imahna.
Teu kungsi
lila, sanggeus tilu poé kahareup éta siki téh jadi. Siki anu paméré ti piit téh tumbuh jadi tangkal samangka. Éta tangkal
samangka téh dipiara dialus-alus ku si Dermawan nepi ka jadi subur éta tangkal téh.
Mimitina mah si Dermawan nyangka éta tangkal téh rék buahan loba, sabab loba
kembangna. “Lamun kembangna kabéh jadi buah, urang pasti seubeuh dahar
samangka, tuluy sawaréhna bisa disodakohkeun ka jalma-jalma miskin”, pokna si
Dermawan. Tapi anéh, sanggeus sababaraha minggu éta tangkal téh dipiara nepi ka
alus, anu jadi buahna mah ngan ukur hiji, padahal kembangna mah loba. Samangka
nu hiji éta téh saban poé ngagedéan wae. Tapi gedéna ngaleuwihan ti gedé
samangka anu ilaharna. Si Dermawan molohok ningali samangka anu sakitu gedéna. “Eummm...seungit
euy”, pokna si Dermawan sanggeus ngambeu éta samangka.
Sababaraha
poé kahareup, geus nepi kana mangsana éta samangka dipanén. Si Dermawan metik
éta buah samangka. “Wah.. bener lain heureuy ieu mah samangka téh beurat
kacida,” pokna si Dermawan bari ngangkat éta samangka. Samangka éta dibawa ku
si Dermawan ka imahna, ditunda na luhureun méja tuluy dibeulah ku péso.
Sanggeus éta samangka dibeulah, si Dermawan reuwas, ”har..nya naon ieu?” tanya
si Dermawan. Manéhna ningali yén samangka éta téh eusina keusik anu warnana
emas urai murni. Manéhna jojogédan
bakating ku atoh. Si Dermawan teu sadar yén diluar imahna aya manuk anu
ningalikeun manéhna. Sanggeus manuk éta disada, kakara manéhna sadar. Manuk éta
téh nyaéta manuk anu pernah ditulungan ku manéhna. Nuhun! Nuhun!, pokna si
Dermawan. Tuluy éta manuk hiber, teu balik-balik deui.
Poé isukna
si Dermawan meuli imah nu alus jeung buruan anu lega pisan. Kabéh jalma miskin
anu datang ka imah manéhna dibéré dahar. Sanajan unggal poé jalma-jalma miskin
éta ka imahna, si Dermawan moal jadi miskin siga baheula. Duitna loba pisan
jeung hasil kebonna ogé loba pisan. Tuluy nyebar béja di sakabéh kampung yén si
Dermawan téh henteu miskin deui.
Dina hiji
poé, béja kabeungharan si Dermawan kadéngé ku lanceukna nyaéta si Muzakir. Si
Muzakir sirikeun ningali anu jadi adina geus sukses. Manéhna tuluy datang ka
imahna si Dermawan. Maksudna mah rék nanyakeun carana kunaun adina bet bisa
suksés. Si Dermawan nyaritakeun kajadian nu sabenerna ka si Muzakir.
Sanggeus
dibéré nyaho éta carita ku nu jadi adina, tuluy manéhna nitah ka bujang-bujangna
sangkan néangan manuk anu potong sukuna atawa potong jangjangna dimana wae.
Geus saminggu lilana, para bujangna si Muzakir acan manggihan waé manuk anu
ciri-cirina kitu. Si Muzakir ngambek pisan jeung manéhna teu bisa saré. Manéhna
teu ngeunah haté mikiran kumaha carana manggihan manuk anu potong jangjangna.
Kaisukanana si Muzakir ngabogaan akal. Manéhna nitah bujangna sangkan newak
manuk ku sumpit. Nya tangtu éta
jangjang manuk téh jadi potong. Si Muzakir tuluy api-api siga nu karunya
ningali éta manuk téh nepi ka diubaranana. Sanggeus sababaraha poé, éta si
manuk téh cageur tuluy dilepaskeun. Teu lila tidinya si manuk téh balik deui ka
si Muzakir, tuluy méré siki ka si Muzakir. Si Muzakir atoh kacida. Dina haténa
manéhna geus ngaharepkeun sangkan buru-buru beunghar. “Ah sakeudeung deui gé
urang mah pasti bakal beunghar ngaleuwihan kabeungharan si Dermawan”, pokna si
Muzakir.
Siki anu
paméré éta manuk ku si Muzakir dipelak di tempat anu alus dikebonna. Sanggeus
tilu poé kahareup, éta siki téh jadi tangkal samangka anu subur jeung daunna
leubeut. Buahna ogé ngan hiji, sarua jeung basa éta si Dermawan. Sababaraha
bulan kahareup éta buah samangka téh geus kudu diala. Tuluy dua bujang si
Muzakir bari ngos-ngosan mawa éta samangka téh ka imahna si Muzakir. Si Muzakir
geus teu sabar hayang ningali emas dina jero éta samangka. Manéhna tuluy motong
éta samangka maké parang. Sanggeus éta samangka beulah, tuluy kaluar tina éta
samangka téh leutak hideung anu kacampuran ku kokotor muncrat ka si Muzakir.
Bauna éta lumpur téh siga bangké. Pakéan si Muzakir sarta karpet di rohangan
éta kabéh béak kabanjur ku leutak anu siga bubur téa. Si Muzakir lulumpatan ka
jalan raya bari utah-utahan, sabab manéhna geus teu kuat ngambeu éta leutak.
Jalma anu ningaralikeun jeung anu ngambeu bau éta leutak, kabéh pada
nyeungseurikeun si Muzakir bari émprak siga ku atoh ningali si Muzakir kitu. Si
Muzakir jadi éraeun diseungseurikeun ku jalma-jalma nu aya di darinya.
http://ceritarakyatnusantara.com/id/folklore/21-Semangka-Emas
Sabtu, 08 September 2012
Resensi Novel Sunda ” Sasakala Bojongemas”
Judul : Sasakala Bojongemas
Pangarang : Aan Merdeka Permana
Pamedal ` : Ujung Galuh
Citakan : 1, 2009
Kandel : 48 kaca
Pangarang : Aan Merdeka Permana
Pamedal ` : Ujung Galuh
Citakan : 1, 2009
Kandel : 48 kaca
Candi
Bojongemas téh, pernahna sisieun Citarum, di wewengkon Désa Bojongemas,
Kecamatan Solokanjeruk, Kabupatén Bandung. Bahula mah disebutna Candi
Purna Hyang. Baheulana, nyaéta teupikeun ka taun 1950-an masih mangrupa.
Ngan ayeuna, ukur gundukan batu. Teu kapiara. Ceunah dina taun-taun
harita, dicokotan, diamankeun dibawa ka tempat séjén. Aya anu diteundeun
di museum. Aya anu di bawa ka imah pribadi. Sacara resmi acan ka catet
kumaha sajarahna. Tapi ari béja anupatatalépa mah aya. Mun mah ayeuna
ngajengléng jadi tulisan, nya ladang béja nu dibéjakeun deui.
Sajarah
mangrupakeun fakta atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta.
Saurang sajarawan daék teu daék kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya.
Manéhna teu bébas ngagarap fakta-fakta sajarah nu geus nyampak. Tapi,
teu kitu pikeun pangarang novel. Manéhna lewih bébas nyiptakeun carita
sorangan. Aan Merdeka Permana dina novel mungguranana ieu nyoba-nyoba
ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi di Bojongemas kana novelna
ieu. Tokoh-tokoh sajarah saperti Nyai Dewi Permata Sari anu ngokolakeun
Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu Ningrat Kancana di barengan ku Aki Réog
Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng Pangéran Barata
Yudha anu ngakuna mah masih kénéh turunan salah sahiji karajaan
Tarumanegara.
Tina segi
plot, ieu novel dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di
garap kalawan ngagunakeun hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di
buktikeun tina gambaran kaayaan sasakala Bojongemas nu jadi klimaks
carita. Bagéan ieu ragot pisan jeung teu pikaboseneun. Gambaran karajaan
Galuh, Tarumanegara di caritakeun kalawan jéntré. Nu macana saolah-olah
di ajak nyaksian langsung kana kajadian nu pernah lumangsung di éta
tempat. Ieu novel, ogé méré pamahaman nu leuwih jeulas kana sosok tokoh
Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung sasakala Bojongemas.
Sabagé novel
sajarah sabenerna ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat
budaya sunda jeung karajaan Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu
bisakapedar kalawan hadé. Kurangna ngenaan gambaran sosial masarakat
Sunda jeung Tarumanegara ngajadikeun iyeu novel leuwih beristana-sentris
kusabab loba teuing nyaritakeun kahirupan istana Sunda jeung
Tarumanegara. Lamun waé unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat Sunda
jeung Tarumanegara kaungkab sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju
euyeub nu bakal nambah wawasan nu macana.
Leupas tina
kakurangan-kakurangan nu disebutkeun di luhur, novelmunggaran Aan
Merdeka Permana ieu menang penghargaan. Masing kumaha ogé ieu novel
ngungkab fakta sajarah anu mungkin waé geus kapopohokeun. Kajadian nu di
angkat dina iyeu novel bisa jadi ayana ngan dina buku-buku pangajaran
sajarah wungkul. Tapi ku ayana iyeu novel, éta kajadian jadi karasa
mangkukna kénéh tur miboga daya pamikat nu saéstuna dipikanineung ku
sakumna orang Sunda.
Langganan:
Postingan (Atom)