Selasa, 11 September 2012

CERITA RAKYAT NUSANTARA


Wasta                         : Siti Sopiah
NPM                           : 180210110017
Tanggal tugas            : 12 September 2012

Semangka Emas
Kalimantan Barat, Indonesia
Kacaritakeun jaman baheula, di Sambas, Kalimantan Barat, aya sudagar anu kaya pisan. Éta sudagar téh ngabogaan dua budak lalaki. Anak nu cikal ngaranna Muzakir, tuluy anu bungsu ngaranna Dermawan. Éta dua budak lalaki téh ngabogaan sipat jeung kalakuan anu bararéda. Ari si Muzakir mah sipatna téh sarakah jeung korét. Unggal poé gawéna ngan ngumpul-ngumpulkeun duit. Tapi manéhna can pernah méré sodakoh ka jalma miskin. Béda ti lanceukna, si  Derwaman mah sipatna téh paduli pisan jeung sok méré sodakoh ka jalma miskin. Manéhna teu sarakah ku banda jeung duit.
Saméméh maot, éta sudagar téh ngabagi rata hartana ka kadua budakna. Maksudna mah sangkan kadua budakna teu ngaralawan jeung pasirik-sirik, pangpangna mah lamun manéhna geus maot. Sanggeus harta éta dibagikeun, éta kadua budakna téh hirup misah di imahna masing-masing. Kadua budakna cicing di imah anu méwah.
Duit bagéan si Muzakir diabuskeun kana peti, tuluy éta peti dikonci. Lamun aya jalma miskin datang ka imahna, manéhna lain méré sodakoh, tapi malah diléléwé ku manéhna. Malahan manéhna tara asa-asa ngusir lamun éta jalma miskin teu daék balik ti imah si Muzakir. Dina hiji poé, aya hiji nini  maké pakéan butut leumpang ka imahna si Muzakir. Dihareupeun imah si Muzakir, éta nini téh ménta sangkan dipikarunya ku si Muzakir. Pokna éta si nini ngomong kieu, “Jang, cik atuh pikarunya nini. Béré nini sodakoh!”. Ngadéngé si nini ngomong kitu, si Muzakir kaluar ti imahna jeung kalah nyeungseurikeun éta si nini, “Ha ha ha...., hey nini péot, gera balik ti imah kuring! Kuring geuleuh ningali éta beungeut anu péot!”. Sanajan dicarékan,  éta si nini téh teu daék waé balik, malah terus ménta-­ménta ka si Muzakir , pokna si nini “Tapi Ujang, nini geus dua poé can dahar, cik atuh pikarunya nini”. Ningali si nini teu daék waé balik, tuluy si Muzakir nitah bujangna sangkan ngusir éta si nini. Tungtungna mah éta si nini téh balik bari teu ngahasilkeun nanaon, nu aya mah kalah meunang hinaan ti si Muzakir..
Jalma-jalma miskin anu geus nyahoeun sipatna si Muzakir anu korét, kaasup si nini nu tadi embungeun deui datang ka imah si Muzakir. Maranéhna abring-abringan datang ka imah si Dermawan. Béda jeung si Muzakir, si  Dermawan sok nyambut éta jalma-jalma miskin ku kabungah haté jeung sipat nu soméah. Maranéhna dibéré dahar jeung dibéré duit ku si Dermawan. Hampir unggal poé éta si jalma-jalma miskin téh datang ka imah Dermawan. Lila-lila harta si Dermawan téh béak. Manéhna geus teu sanggup nutupan waragad pikeun ngurus imahna nu gedé. Tungtungna manéhna pindah ka imahna nu leutik. Gajihna teu sabaraha, ngan cukup keur saukur dahar hungkul. Sanajan kitu, manéhna tetep sukuran kana kaayaan hirupna.
Muzakir seuri ngadéngé béja adina anu dianggap bodo ku manéhna, pokna si Muzakir kieu, “ éta tuda akibatna sok ngalayanan jalma-jalma miskin, pasti manéhna ngilu miskin, dasar tuda bodo si Dermawan mah”. Si Muzakir ngarasa atoh sabab manéhna bisa meuli imah nu alus jeung kebon kalapa nu lega. Tapi si Dermawan teu maliré kana kalakuan lanceukna.
Dina hiji poé si Dermawan keur diuk di hareupeun imahna minangka ngaleungitkeun kacape. Teu kungsi lila, ujug-ujug murag manuk piit dihareupeunna. Manuk éta ting disada kanyeurian, ”karunya”, pokna si Dermawan. “ jangjang manéh potong, nya?, si Dermawan ngomong jeung manuk piit. Tuluy éta manuk téh ditéwak ku si Dermawan. Sanggeus ditéwak éta manuk téh tuluy diubaran ku manéhna. Jangjang manuk téh dibungkus lalaunan. Si Dermawan nyokot béas. Manuk piit téh tuluy dibéré dahar ku si Dermawan. Lila-lila mah éta manuk téh jadi bageur, geus teu sieuneun ka si Dermawan. Nincak sabaraha poé, éta manuk téh geus bisa mébérkeun jangjangna, tungtungna mah geus bisa hiber deui.
Kaisukanana manuk téh ngadatangan deui si Dermawan. Dina pamatukna téh aya sahiji siki, anu ditunda dihareupeun si Dermawan. Si Dermawan kalah seuri ningalina. Éta siki téh siki biasa. Tapi sanajan éta siki téh biasa, si Dermawan atoh narima paméréan ti éta manuk. Éta siki téh dipelak ditukangeun imahna.
Teu kungsi lila, sanggeus tilu poé kahareup éta siki téh jadi. Siki anu paméré ti piit  téh tumbuh jadi tangkal samangka. Éta tangkal samangka téh dipiara dialus-alus ku si Dermawan nepi ka jadi subur éta tangkal téh. Mimitina mah si Dermawan nyangka éta tangkal téh rék buahan loba, sabab loba kembangna. “Lamun kembangna kabéh jadi buah, urang pasti seubeuh dahar samangka, tuluy sawaréhna bisa disodakohkeun ka jalma-jalma miskin”, pokna si Dermawan. Tapi anéh, sanggeus sababaraha minggu éta tangkal téh dipiara nepi ka alus, anu jadi buahna mah ngan ukur hiji, padahal kembangna mah loba. Samangka nu hiji éta téh saban poé ngagedéan wae. Tapi gedéna ngaleuwihan ti gedé samangka anu ilaharna. Si Dermawan molohok ningali  samangka anu sakitu gedéna. “Eummm...seungit euy”, pokna si Dermawan sanggeus ngambeu éta samangka.
Sababaraha poé kahareup, geus nepi kana mangsana éta samangka dipanén. Si Dermawan metik éta buah samangka. “Wah.. bener lain heureuy ieu mah samangka téh beurat kacida,” pokna si Dermawan bari ngangkat éta samangka. Samangka éta dibawa ku si Dermawan ka imahna, ditunda na luhureun méja tuluy dibeulah ku péso. Sanggeus éta samangka dibeulah, si Dermawan reuwas, ”har..nya naon ieu?” tanya si Dermawan. Manéhna ningali yén samangka éta téh eusina keusik anu warnana emas urai murni.  Manéhna jojogédan bakating ku atoh. Si Dermawan teu sadar yén diluar imahna aya manuk anu ningalikeun manéhna. Sanggeus manuk éta disada, kakara manéhna sadar. Manuk éta téh nyaéta manuk anu pernah ditulungan ku manéhna. Nuhun! Nuhun!, pokna si Dermawan. Tuluy éta manuk hiber, teu balik-balik deui.
Poé isukna si Dermawan meuli imah nu alus jeung buruan anu lega pisan. Kabéh jalma miskin anu datang ka imah manéhna dibéré dahar. Sanajan unggal poé jalma-jalma miskin éta ka imahna, si Dermawan moal jadi miskin siga baheula. Duitna loba pisan jeung hasil kebonna ogé loba pisan. Tuluy nyebar béja di sakabéh kampung yén si Dermawan téh henteu miskin deui.
Dina hiji poé, béja kabeungharan si Dermawan kadéngé ku lanceukna nyaéta si Muzakir. Si Muzakir sirikeun ningali anu jadi adina geus sukses. Manéhna tuluy datang ka imahna si Dermawan. Maksudna mah rék nanyakeun carana kunaun adina bet bisa suksés. Si Dermawan nyaritakeun kajadian nu sabenerna ka si Muzakir.
Sanggeus dibéré nyaho éta carita ku nu jadi adina, tuluy manéhna nitah ka bujang-bujangna sangkan néangan manuk anu potong sukuna atawa potong jangjangna dimana wae. Geus saminggu lilana, para bujangna si Muzakir acan manggihan waé manuk anu ciri-cirina kitu. Si Muzakir ngambek pisan jeung manéhna teu bisa saré. Manéhna teu ngeunah haté mikiran kumaha carana manggihan manuk anu potong jangjangna. Kaisukanana si Muzakir ngabogaan akal. Manéhna nitah bujangna sangkan newak manuk ku sumpit. Nya tangtu éta jangjang manuk téh jadi potong. Si Muzakir tuluy api-api siga nu karunya ningali éta manuk téh nepi ka diubaranana. Sanggeus sababaraha poé, éta si manuk téh cageur tuluy dilepaskeun. Teu lila tidinya si manuk téh balik deui ka si Muzakir, tuluy méré siki ka si Muzakir. Si Muzakir atoh kacida. Dina haténa manéhna geus ngaharepkeun sangkan buru-buru beunghar. “Ah sakeudeung deui gé urang mah pasti bakal beunghar ngaleuwihan kabeungharan si Dermawan”, pokna si Muzakir.
Siki anu paméré éta manuk ku si Muzakir dipelak di tempat anu alus dikebonna. Sanggeus tilu poé kahareup, éta siki téh jadi tangkal samangka anu subur jeung daunna leubeut. Buahna ogé ngan hiji, sarua jeung basa éta si Dermawan. Sababaraha bulan kahareup éta buah samangka téh geus kudu diala. Tuluy dua bujang si Muzakir bari ngos-ngosan mawa éta samangka téh ka imahna si Muzakir. Si Muzakir geus teu sabar hayang ningali emas dina jero éta samangka. Manéhna tuluy motong éta samangka maké parang. Sanggeus éta samangka beulah, tuluy kaluar tina éta samangka téh leutak hideung anu kacampuran ku kokotor muncrat ka si Muzakir. Bauna éta lumpur téh siga bangké. Pakéan si Muzakir sarta karpet di rohangan éta kabéh béak kabanjur ku leutak anu siga bubur téa. Si Muzakir lulumpatan ka jalan raya bari utah-utahan, sabab manéhna geus teu kuat ngambeu éta leutak. Jalma anu ningaralikeun jeung anu ngambeu bau éta leutak, kabéh pada nyeungseurikeun si Muzakir bari émprak siga ku atoh ningali si Muzakir kitu. Si Muzakir jadi éraeun diseungseurikeun ku jalma-jalma nu aya di darinya.


http://ceritarakyatnusantara.com/id/folklore/21-Semangka-Emas

Sabtu, 08 September 2012

Resensi Novel Sunda ” Sasakala Bojongemas”

Judul               : Sasakala Bojongemas
Pangarang      : Aan Merdeka Permana
Pamedal `       : Ujung Galuh
Citakan           : 1,  2009
Kandel            : 48 kaca

Candi Bojongemas téh, pernahna sisieun Citarum, di wewengkon Désa Bojongemas, Kecamatan Solokanjeruk, Kabupatén Bandung. Bahula mah disebutna Candi Purna Hyang. Baheulana, nyaéta teupikeun ka taun 1950-an masih mangrupa. Ngan ayeuna, ukur gundukan batu. Teu kapiara. Ceunah dina taun-taun harita, dicokotan, diamankeun dibawa ka tempat séjén. Aya anu diteundeun di museum. Aya anu di bawa ka imah pribadi. Sacara resmi acan ka catet kumaha sajarahna. Tapi ari béja anupatatalépa mah aya. Mun mah ayeuna ngajengléng jadi tulisan, nya ladang béja nu dibéjakeun deui.
Sajarah mangrupakeun fakta atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta. Saurang sajarawan daék teu daék kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya. Manéhna teu bébas ngagarap fakta-fakta sajarah nu geus nyampak. Tapi, teu kitu pikeun pangarang novel. Manéhna lewih bébas nyiptakeun carita sorangan. Aan Merdeka Permana dina novel mungguranana ieu nyoba-nyoba ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi di Bojongemas kana novelna ieu. Tokoh-tokoh sajarah saperti Nyai Dewi Permata Sari anu ngokolakeun Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu Ningrat Kancana di barengan ku Aki Réog Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng Pangéran Barata Yudha anu ngakuna mah  masih kénéh turunan salah sahiji karajaan Tarumanegara.
Tina segi plot, ieu novel dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di garap kalawan ngagunakeun hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di buktikeun tina gambaran kaayaan sasakala Bojongemas nu jadi klimaks carita. Bagéan ieu ragot pisan jeung teu pikaboseneun. Gambaran karajaan Galuh, Tarumanegara di caritakeun kalawan jéntré. Nu macana saolah-olah di ajak nyaksian langsung kana kajadian nu pernah lumangsung di éta tempat. Ieu novel, ogé méré pamahaman nu leuwih jeulas kana sosok tokoh Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung sasakala Bojongemas.
Sabagé novel sajarah sabenerna ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat budaya sunda jeung karajaan Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu bisakapedar kalawan hadé. Kurangna ngenaan gambaran sosial masarakat Sunda jeung Tarumanegara ngajadikeun iyeu novel leuwih beristana-sentris kusabab loba teuing nyaritakeun kahirupan istana Sunda jeung Tarumanegara. Lamun waé unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat Sunda jeung Tarumanegara kaungkab sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju euyeub nu bakal nambah wawasan nu macana.
Leupas tina kakurangan-kakurangan nu disebutkeun di luhur, novelmunggaran Aan Merdeka Permana ieu menang penghargaan. Masing kumaha ogé ieu novel ngungkab fakta sajarah anu mungkin waé geus kapopohokeun. Kajadian nu di angkat dina iyeu novel bisa jadi ayana ngan dina buku-buku pangajaran sajarah wungkul. Tapi ku ayana iyeu novel, éta kajadian jadi karasa mangkukna kénéh tur miboga daya pamikat nu saéstuna dipikanineung ku sakumna orang Sunda.